Kamis, 13 November 2008

BARAKATAK

PISEURIEUN!!

ulur ti lembur… baraya ti kota… kumaha damang?
Masih inget kana film atawa carita-carita si Kabayaan, nyi Iteung, Abah, Ambu jeung si Joni kemod? Wah, lamun teu salah mah cerita tentang si Kabayan CS teh, keur urang masih sakola SD keneh. Sanes kitu? Meuruen!!he.. Tapi jiga namah jaman kiwari gues euwueh deui carita si Kabayan teh. Meureun gues katinggang ku carita-carita modern. Geus ka ganti kunu lian, siga grup lawak SOS, Bajaj, Cagur jsb (jeung sa-jabana). Tapi cek dewek mah da sarua we tujuan na mah ngahibur keneh, ngan tema caritana we nu beda. Ayena mah modern, ari baheula mah si Kabayan loba boloon-na. Ku kitu na dewek didieu ek ngaguar duei lawak-lawak si Kabayan kuer baheula. Dewek inget kana kata-kata Doel Sumbang dina laguna, “si Kabayan urang sunda, urang sunda tong siga si Kabayan”. Bae waelah, da urang ngan saukur ngingetkeun, peh-na carita si Kabayan oge kaasup salah sahiji seni sunda. Ayena mah itung-itung urang balik deui ka jaman baheula, jaman tai kotok di leubuan –da ayena mah mun aya tai kotok teh langsung di pel- . Wilujeng maos we carita tentang si Kayaban:

KOMPOR
Bu Dokter: “Abdi mah tos gaduh kompor gas da.”
Bu Bidan: “Komo deui abdi mah gaduh kompor listrik.”
Torojol nyi Iteung tos diparios di Puskes.
Iteung: “”Komo deui abdi mah gaduh kompor asuro.”
Bu. Dokter: “Aduh hebat ari Iteung mah mani gaduh kompor asuro. Kumaha eta the nganggona, Teung?”
Iteung: “Gampil atuh, kantun ngasur-ngasur suluh ka jero.” (asuro)
Bu Bidan: “Ah ari Iteung mah aya-aya we. Hawu atuh et amah Teung!”
Iteung: “Pan asuro the basa gaulna tina hawu….”

TEU NINGALI
Harita Kabayan panasaran waktu manehna babaran. Kabeneran we aya ambuna. Si Kabayan langsung nanya:
“Bu, basa abdi dibabarkeun abah ningali teu?”
Ambu: “Nya ningalikeun atuh kasep! “(et amah saukur habubungah Kabayan we disebut kasep…). Pan abah nu namapanan oge!”
Kabayan: “Ari ambu?”
Ambu bari jeung rada keuheul ngawaleur.
“Tah, ari ambu mah harita teh nuju teu aya, nuju ka pasar.”
Kabyan olohok bari jeung teu ngarti.

TIPI (TV)
Kabayan: “Punten ambu sareng abah, abdi ka dieu the bade nambut tipi.”
Ambu: “Hueg atuh, bawa kadituh, atoheun geura si Itueng mah sabab aya lalajoeun. Da di imah maneh mah can boga tipi.”
Kabayan: ‘Da sanes kanggo lalajoeun, ambu.”
Abaha: “jang naon atuh make rek nginjeum tipi sagala?”
Kabayan: “Bade diical, bah. Kanggo mayar hutang!”
Abah: “Dasar minantu borokokok SIAHH!!!....”
CEK PARIBASA
Joni kemod: “Har, rek payu kumaha, dagang obat bulu ari nu dagangna bolenang herang kitu mah?”
Kabayan: “Ih na ari maneh. Yeuh pan ceuk paribasa oge panday mah tara boga bedog. Jeung nu dagang endog oge tara endogan.”

KUMIS UCING
Iteung: “Sujang, ku naon eta anal ucing eong-eongan wea?”
Anakna: “Ieu kumisna keur dicabutan ku Ujang.”
Iteung: “Har, nanaon atuh kawas euweuh gawe wae?”
Anakna: “Ih ari ema. Pan ceuk pa guru oge kumis ucing the kasiatna gede pisan keur obat kasakit kencing batu.”
Iteung: “Dasar anak si KABAYAN!!”

BUTA WARNA
Kabayan: “Bro, lalajo maen bal the rek di imah saha euy?”
Ibro: “Rek di imah si Rusdi wae ah, ngarah deukuet.”
Kabayan: “Urang di imah si Dodo we yu, nagrah televisina berwarna!”
Ibro: “Euwueh pangaruh rek hitam putih oge keur dewek mah”
Kabayan: “Naha?”
Ibro: “Pan dewek mah…buta warna!”

HAYANG
“Hayang teh halodo!” ceuk tukang es.
“Sidik kuring mah haying hujan!” ceuk tukang bajigur.
“Ari kuring mah, boh hujan boh halodo oge teu hayang. Hayang soteh dagangan we payu.” Ceuk tukang bubur bari ngaleos.

JEUNG MOTORNA
Caritana, harita si Kabayan kerek meuli motor.
Kabayan: “Lapor Pak!”
Pulisi: “Aya naon silaing?”
Kabayan: “abi kaicalan konci motor, pak!”
Pulisi: “Nyiuen duei we atuh duplikatna da gampang, teu kudu lapor ka dieu sagala!”
Kabayan: “Nya eta, icalna sareng motorna, pak!!!” KARAWIN
Abah: “Lain nya ambu, ngilikan barudak ayeuna mah karek cle nincak bangku SMP geus barobogohan.”
Ambu: “Nya ari abah, leuhueng et amah. Pan keur jaman urang mah kadang teu sakola-sakola acan geus karawin.”

SIROP
Kabayan: “Cik mang, pang-nyieunkeun sirop hiji tong digelasan!”
Tk Sirop: “Tong sok heuruey, Kbayan!”
Kabayan: “Yey ari si emang, na teu meunang kituh meuli sirop teu digelasan?” Kabayan rada sewot, da keur buru-buru.
Tk Sirop: “Nya kana naon atuh wadahna?”
Kabayan: “Har, na aya ku belet-belet teuing. Nya diplastikan we atuh!!”

LUAR BIASA
Harita Kabayan ek nyaba kadaerah pasisian. Maklum da teu boga gawe salian ti ulin.
Tk. Ojeg : “Ojeg Pa, ojeg.”
Kabayan : “Sabaraha ka Rancah?”
Tk. Ojeg : “Biasa we dua puluh rebu.”
Kabayan : “Uluh, lain biasa atuh et amah, tapi luar biasa.

ACAN
Abah: “Ari alus jeung teu alus sarua atawa henteu?”
Joni: “ Nya beda atuh Bah. Mlah sablikna.”
Abah: “Sabalikna kumaha?”
Joni: “Sabalikna tina alus teh nyaeta teu alus.”
Abah; “ari anggeus jeung teu anggeus?”
Joni: “lalawanan eta oge.”
Abah: “ Ari a can jeung teu acan?”
Joni: “ Nya…sarua et amah.”
Abah; “ unik nya, basa sunda mah!”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar