Kamis, 13 November 2008

SASTRA

Pangajaran Sastra

Halo Lur… kumaha, damang? Mugia nya. Hayu lah urang cuang balik deui kana basa Sunda. Ngaguar elmu, da elmu mah lain jang dipohokeun tapi jang diemutkeun. Moal rugi ngaguar elmu mah. Mangga ah…
- - - NAHA BET SASTRA?
Sastra, ceuk sawatra ahli, salian ti boga fungsi hiburan, leuwihna bias mangaruhan tekenan emosi atawa kajiwaan. Kawangunna emosi atawa kajiwaan anu hade, punjul jeung saimbang, tangtu bakal rea pangaruhna pikeun nagwangun kualitas diri sakur manusia. Ku kituna, dina situasi kadunyaan jeung pajamaan kawas kumaha bae urang tangtu baris aya dina posisi anu basa ngungkulan jeung ngigelanana.
Dina sataun, di Singapura, siswa diprediksi maca buku sastra anu lobana saeutikna genep judul. . ari di Brunei diwajibkeun tujuh buku, Jepang 15 buku, Kanada 13, Amerika 32, Jerman 22, Swiss 15, Perancis 20 nepi ka 30 buku, jeung Belanda 30 buku. Dianatara nagara anu kasebut teh aya anu ngawajibkeun maca bukuna sababaraha balikan, saeutikna tilu balikan.
Eta kawajiban maca buku teh dibareungan ku kawajiban nyieun bahasan anu kudu dipresentasikeun di kelas. Nyieun tulisan anu mangrupa bahasan teh lian ti pikeun ngukur kagiatan macana, pangpangna ditujukeun pikeun ngabiasakeun (habit) siswa dina kagiatan nulis minangka ngedalkeun nulis bahasa sastra, dipiharep beh dituna jadi tatapakan pikeun nulis bahasan-bahasan lianna diluareun sastra, umpamana ngeunaan sains, sosiologi, jeung sejarah.
Kumaha di Indonesia?
Kabehdieunakeun. Pangajran sastra di sakola-sakola di Indonesia mangrupa pangajaran anu “terintregrasi” jeung pangajaran basa. Dina harti, basa jeung sastra teh dihijikeun dina mata pelajaran anu sarua, nya eta Mata Pelajaran Basa jeung Sastra, kalwan diajarkeun ku saurang guru anu kudu ngawasa dua materi kasebut. Hal sarupa kitu teh dilaksanakeun ti mimiti tingkat panghandapna (SD) nepi ka nu pangluhurna (paguruan luhur).
Dina kanyataanna mah, sistim kawas kitu rea kahengkeranana. Anu pang katarana mah lebah paniten guru anu leuwih museurkeun kana pangaweruh basa, ari pangaweruh sastra mah remen disapirakeun. Katambah, pangaweruh basa anu diajarkeun teh leuwih nyoko kana konsep tioritis batan konsep pamakean. Padahal ceuk dina kurikulum nage, pangajaran basa teh kudu napak dina rambu-rambu komunikatif.
Salahsahiji wujud komunikatifna basa teh bisa di embrehkeun dina wangun tulisan. Eta hasil sabenerna bisa dijadikeun dasar pikeun nyusun strategi pangajaran basa jeung sastra. Pangajaran struktur basa sabenerna teu kudu diajarkeun di unggaltingkatan sakola, cukup nepi ka tingkatan SMP bae. Mimiti tingkatan SMA ka luhur, pangajaran struktur basa geus dina kegiatan nulis. Noron kana dibiasakeuna nulis bahasan sastra di nagra-nagara anu kasebut di luhur, kagiatan nulis di SMA jeung Paguruan Luhur teh panpangna kudu dipuseurkeun heula kana widang sastra, kalawan apingan guru anu simultan jeung optimal.
Karya-karya sastra anu geus gelar kaitung geus euyeub pisan, kari para guru sastra anu kudu masing-masing jeung milihna. Tangtuna, para guru sastra, pangpangna lulusan sakola jurusan basa jeung sastra, geus dibekelan tioritina bae mah pikeun masing-masing milih karya sastra anu rek dijadikeun bahan ajarna teh. Cenah eta, sistim pangajaranana anu keukeuh kudu diintregrasikeun jeung pangajran basa, atuh paniten kana sastrana ulah nepi ka hengker deui, mun bisa mah nya kudu leuwih luhur batan anu enggeus-enggeus.
Wallohu’alam bishowab.**

Tidak ada komentar:

Posting Komentar